Pupuh Jurudemung

mungguh nu hirup di dunya
ku kersaning anu agung
ku kersaning anu agung
geus pinasti panggih
geus pinasti 
geus pinasti panggih
jeung dua rupa perkara
senang paselang jeung bingung

saupama hayang senang
gawe urang masing suhud
gawe urang masing suhud
insyaAllah hasil
insyaAllah
insyaAllah hasil
asal muntang ka pangeran
ngadu'a sing hasil maksud

mungguh hirup dialam dunya
ku kersaning nu kawasa
geus pinasti bakal panggih
suka bungah jeung kasedih
ngagarupa nu tumiba
sakabeh jalma di dunya
senang patumbu jeung bingung
eta geus tangtu kasorang

saupama hayang senang
kudu usaha berjuang
dina laku lampah jujur
tong dibarung ku takabur
pareng panggih jeung kasusah
kana gadar kudu pasrah
ulah betot nya ikhtiar
dibarung hate nu jalan


Sumber : Youtube

Comments