Pupuh Magatru

Pupuh Magatru 1

coba teguh naon nu sukuna tilu
panon opat henteu galib
leumpang rumanggieung laun
estuning ku matak watir
dongko bari aha oho

sukuna pakupis tilu
panonna opat harerang
leumpangna semu nu lesi
ngalengkah teu bisa gancang

hulu nutug buntutna ngacung ka luhur
buluna carentik rintik
matana mangpuluh-puluh
rasa haseum semu amis
rajegna rantung di kebon

buntutna ngacung ka langit
buluna carentik rintik
matana mangpuluh-puluh
tanginas anu rek rebung

aya sumur diawang ngacung ka luhur
caina herang tur amis
eusi daging bodas alus
nyokotna estu babari
boh dicokel, boh dikerok

sumurna diawang awang
caina amis tur herang
dagingna bodas ngageunyas
mesekna kudu di kupas


Pupuh Magatru 2

Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo reujeung Cisondari
Cicalengka, Ujung Berung
Rajamandala, Cimahi
Leles, Limbangan, Tarogong


Pupuh Magatru 3

nun sumuhun nu ieu namina curuk
nu sisi namina cingir
nu tengah namina jajangkung
nu deukeut cingir namina jariji
anu pangageungna jempol



Sumber : Youtube, Wikipedia

Comments

  1. Jd nostalgia. Dulu wktu kls 2 SD pernah lomba pupuh MAGATRU itu😅

    ReplyDelete
  2. haturnuhun pisan.. mugia manjang keun titinggalan karya karuhun urang

    ReplyDelete

Post a Comment